Rajah Pangjajap
Puji syukur ka Maha Agung
Ya Robi Gofururohim
Taqobballahu mina wa minkum
minal aidin wal faidin
lubarkeun urang silih lubarkeun
Amit ampun nya paralun
ka Gusti Nu Maha Agung
ka Nabi anu linuhung
Muhammad anu jinunjung
rachmat syafaat kasuhun
limpahkeun kanu sami hadir
Kaluhur neda papayung
papayung Nu Maha Agung
kahandap neda pangraksa
pangraksa Maha Kawasa
kaler kulon kidul wetan
Indonesia mugi diaping dijaring
Saum disasih Romadhon
panggeuing ti Mahasuci
panggupay Maha Kawasa
sangkan takwa tur toweksa
ngahontal martabat utama
punjul mumbul darajatna
mibanda elmuning pare
Rumaos abdi rumaos
can kahontal saum nu husu
ngan saukur - ngan saukur
ngan saukur nahan lapar
ngan saukur nahan dahaga
panca indra toloheor
luput meruhkeun hawa nafsu
hapunten Gusti hapunten
Pihatur jungjunan alam
sakur muslimin muslimat
to’at uswatun hasanah
tembongkeun katuladanan
Insya Allah — Insya Allah
Indonesla walagri
Amin Ya Robbal Alamin
mugi Gusti nangtayungan